Kamis, 30 Juni 2016

BACAAN SHOLAT & HARTOSNA



Bacaan Sholat sareng hartosna
NIAT (R)
BACAAN
HARTOSNA
Shubuh
أُصَـلِّيْ فَرْضَ الصُّـبْحِ رَكْعَتَيْنِ مُسْـتَـقْبِلَ الْقِبْلـَةِ أَدَاءً للِـّٰهِ تَعَالىٰ
Niat abdi sholat fardlu shubuh dua roka’at bari mayun ka qiblat ngalakonan dina waktuna karna Allah Ta’ala
Dzuhur
أُصَـلِّيْ فَرْضَ الْظُّهْرِ أَرْبـعَ رَكَعَاتٍ مُسْـتَـقْبِلَ الْقِبْلـَةِ أَدَاءً للِـّٰهِ تَعَالىٰ
Niat abdi sholat fardlu dzuhur opat roka’at bari mayun ka qiblat ngalakonan dina waktuna karna Allah Ta’ala
Ashar
أُصَـلِّيْ فَرْضَ الْعَصْرِ أَرْبـَعَ رَكَعَاتٍ مُسْـتَـقْبِلَ الْقِبْلـَةِ أَدَاءً للِـّٰهِ تَعَالىٰ
Niat abdi sholat fardlu ashar opat roka’at bari mayun ka qiblat ngalakonan dina waktuna karna Allah Ta’ala
Magrib
أُصَلِّيْ فَرْضَ الْمَغْرِبِ ثَلاَثَ رَكَعَاتٍ مُسْـتَـقْبِلَ الْقِبْلـَةِ أَدَاءً للِـّٰهِ تَعَالىٰ
Niat abdi sholat fardlu magrib tilu roka’at bari mayun ka qiblat ngalakonan dina waktuna  karna Allah Ta’ala
Isya
أُصَلِّيْ فَرْضَ الْعِشَاءِ أَرْبَعَ رَكَعَاتٍ مُسْـتَـقْبِلَ الْقِبْلـَةِ أَدَاءً إِمَامًا للِـّٰهِ تَعَالىٰ
Niat abdi sholat fardlu isya opat roka’at bari mayun ka qiblat ngalakonan dina waktuna bari  janten imam karna Allah Ta’ala
Jum’at
أُصَلِّيْ فَرْضَ الْـجُمْعَةِ رَكْعَتَيْنِ مُسْـتَـقْبِلَ الْقِبْلـَةِ أَدَاءً مَأْمـُوْمًا للِـّٰهِ تَعَالىٰ
Niat abdi sholat fardlu jum’at dua rokaat bari mayun ka qiblat ngalakonan dina waktuna bari janten ma’mum karna Allah Ta’ala

TAKBIROTUL IHROM (R)
اَللـّٰهُ أَكْبَرُ
Allah anu Maha Agung
DO’A IFTITAH (S)
إِنَّ صَلَاتِيْ وَنُسُكِيْ
Saenyana sholat abdi, ibadah abdi,

اَللـّٰهُ أَكْبَرُ كَبِيْرًا
Allah anu Maha Agung kalawan agung temenan
وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِيْ
sareng hirup abdi sareng maot abdi

 وَّالْـحَمْدُ للِـّٰهِ كَثِيْـرًا
Sadaya puji kasanggakeun ka Gusti Allah kalawan puji anu seueur.
للِـّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
eta wungkul karena Allah Pangeran sadaya alam

وَسُبْحَانَ اللـّٰهِ بُكْـرَةً وَّأَصِيْـلًا
Nyucikeun abdi kana kamaha sucian Allah dina waktos enjing- enjing sareng sonten-sonten
لَاشَرِيْكَ لَهٗ
Teu aya nu ngarencangan ka Gusti Allah

إِنــِّيْ وَجَهْتُ وَجْهِيَ
Saenyana abdi madepkeun wajah hate abdi
وَبـِذٰلـِكَ أُمِرْتُ
sareng kana henteu ngamusyrikeun diparentah abdi,

لِلَّذِيْ فَطَرَ السَّمٰوَاتِ وَالْأَرْضَ
ka Dzat nu ngadamel pirang-pirang langit sareng bumi
وَأَناَ مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ
sareng abdi ti golongan jalma anu islam

          حَنِيْفًا مُّسْلِمًا
bari condong kana bener tur pasrah sumerah



وَمَا أَناَمِنَ الْمُشْرِكِيْنَ
sareng sanes abdi ti golongan jalma anu musyrik
MACA AL FATIHAH (R)
     أَعـُوْذُ بِاللـّٰهِ مِنَ الشَّيـْطَانِ الرَّجِيْمِ
Abdi nyuhunkeun pangraksa ka Gusti Allah tina godaan syetan anu diranjam
بِسْـمِ اللـّٰهِ الرَّحْمٰـنِ الرَّحِيْـمِ
Kalawan nyebat jenengan Allah anu masihan pirang-pirang ni’mat ageung sareng pirang-pirang ni’mat alit
اَلْـحَمْدُ للِـّٰهِ رَبِّ الْعَلٰمِيْنَ
Sadaya puji kasanggakeun ka Gusti Allah Pangeran sadaya alam
اَلرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
Anu masihan pirang-pirang ni’mat ageung sareng pirang-pirang ni’mat alit
مَالـِكِ يَوْمِ الدِّيـْنِ
Anu nguwasai dina poe kiamah
إِيَّاكَ نَعْبـُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتـَعِيْنُ
Ka Gusti wungkul abdi ibadah sareng ka Gusti wungkul abdi nyuhunkeun pitulung
اهْدِنَا الصِّرَاطَ الْـمُسْـتَقِيـْمَ
Mugi salamina nuduhkeun Gusti ka abdi sadaya ka jalan anu lempeung nyaeta agama islam
صِرَاطَ الَّذِيْنَ أَنـْعَمْتَ عَلَيْهِمْ
Tegesna jalana jalma-jalma nu tos dipasihan ni’mat ku Gusti (nyaeta Para Nabi Para Rosul, Syuhada sareng Jalmi-jalmi sholeh)
غَيْرِ الْمَغْضُوْبِ عَلَيْهِمْ وَلَاالضَّآلِّيْنَ
Lain jalana jalma-jalma anu dibenduan ku Gusti (nyaeta Yahudi) sareng lain jalana jalma-jalma anu salasar (nyatana Nasroni)
أٰمِيْنَ
Mugi ngaijabah Gusti kana du’a abdi sadaya

MACA AYAT/ SURAT (S) بِسْمِ اللـّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْم قُلْ هُوَ اللـّٰهُ أَحَدٌ  اَللـّٰهُ الصَّمَدُ  لَمْ يَلِدْ وَلَمْ يُوْلَدْ  وَلَمْ يَكُنْ لَّهٗ كُفُوًاأَحَدٌ  
TAKBIROTUL INTIQOL (S)
اَللـّٰهُ أَكْبَرُ
Allah anu Maha Agung
TASBIH RUKU’ (S)   
سُبْحَانَ رَبِّيَ الْعَظِيـْمِ وَبِحَمْدِهٖ
Maha Suci Pangeran abdi anu Maha Agung bari muji ka AnjeunNa
BACAAN I’TIDAL (S)
سَمِـعَ اَللـّٰهُ لِـمَنْ حَمِدَهٗ
Mugi  ngadangu/nampi Gusti Allah ka Jalmi anu muji ka AnjeunNa
                 رَبـَّـنـَا لـَكَ الْـحَمْدُ
Nun Pangeran abdi sadaya, eta ka Gusti wungkul sadaya puji
مِلْءُ السَّمٰوَاتِ وَمِلْءُ الْأَرْضِ
Puji sapinuhna langit sareng sapinuhna bumi
وَمِلْءُ مَا شِئْتَ مِنْ شَيْئٍ بَعْدُ
Sareng sapinuhna sadaya perkara anu dikersakeun ku Gusti salian ti langit bumi
DO’A QUNUT (S)
                 اَللـّٰهُمَّ اهْدِنـِيْ فِيْمَنْ هَدَيْتَ
Ya Allah mugi nuduhkeun Gusti ka abdi sarta kalebet golongan jalma-jalma  anu dipasihan hidayah ku Gusti
وَعَافِنِيْ فِيْمَنْ عَافَيْتَ
Sareng mugi nyalametkeun Gusti ka abdi sarta kalebet golongan jalma-jalma anu disalametkeun ku Gusti
وَتَوَلَّـنِيْ فِيْمَنْ تَوَلـَّيـْتَ
Sareng mugi mikaasih Gusti ka abdi sarta kalebet golongan jalma-jalma anu dipikaasih ku Gusti
وَبَارِكْ لِيْ فـِيْمَا أَعْطَيْتَ
Sareng mugi ngaberkahkeun Gusti ka abdi dina sadaya perkara anu dipasihkeun ku Gusti
وَقِنِيْ بِفَضْلِكَ (بِرَحْـمَتِكَ) شَرَّمـَاقَضَيْتَ
Sareng mugi ngaraksa Gusti ka abdi ku anugrah/rahmat Gusti tina akibat awona takdir anu diputuskeun ku Gusti
فَإِنـَّـكَ تَقْضِيْ وَلَا يُقْضٰى عَلَيْكَ
Maka saenyana Gusti Dzat anu mutuskeun qodlo qodar  sareng Gusti sanes  Dzat anu dipasihan kaputusan
وَإِنَّـهٗ لَا يَذِلُّ مَنْ وَّالَيْتَ
Sareng saenyana henteu hasil kahinaan jalma anu dipikacinta ku Gusti
وَلَا يَعِزُّ مَنْ عَادَيْتَ
Sareng henteu hasil kamulyaan jalma anu ngalawan ka Gusti
تَبَارَكْتَ رَبَّنا وَتَعَالَيْتَ
Maha berkah Gusti sareng Maha Luhur Gusti
فَلـَكَ الْـحَمْدُ عَلىٰ مَاقَضَيْتَ
Maka ka Gusti wungkul sadaya puji dina sadaya anu diputuskeun qodlo qodar Gusti
أَسْـتَغْفِرُكَ وَأَتــُوْبُ إِلـَيْكَ
Abdi nyuhunkeun hapunten Ka Gusti sareng tobat abdi ka Gusti
وَصَـلَّى اللـّٰهُ عَلىٰ سَيِّدِنَا مُحـَمَّدِنِ النَّبِـيِّ الْأُمِيِّ
Sareng rohmat Allah mugi dilimpahkeun ka Nabi Muhammad anu ummi
وَعَلىٰ أٰلِهٖ وَصَحْبِهٖ وَسَلَّمَ
Sareng ka kulawargana sareng para sahabatna Kanjeng Nabi, sareng mugi masihan kasalametan Gusti Allah

TAKBIROTUL INTIQOL (S)
   اَللـّٰهُ أَكْبَرُ
Allah anu Maha Agung

TASBIH SUJUD KAHIJI 3X (S)
سُبْحَانَ رَبِيَّ الْأَعْلىٰ  وَبِحَمْدِهٖ
Maha Suci Pangeran abdi anu Maha Luhur bari Muji abdi  ka AnjeunNa

TAKBIROTUL INTIQOL (S)
اَللـّٰهُ أَكْبَرُ
Allah anu Maha Agung

DO’A DIUK ANTARA SUJUD DUA (S)
                               رَبِّ اغْفِرْلـِيْ
Nun Pangeran abdi, Mugi ngahapunten Gusti kana dosa-dosa abdi
وَارْحَمْنِيْ
Sareng mugi ngrohmat Gusti ka abdi
وَاجْـبُرْنِيْ
Sareng mugi nutupan Gusti kana kakirangan pangabutuh abdi
وَارْفـَعْنِيْ
Sareng mugi ngaluhurkeun Gusti kana darajat abdi
وَارْزُقْنِيْ
Sareng mugi ngarizkian Gusti ka abdi
وَاهْدِنِيْ
Sareng mugi masihan hidayah Gusti ka abdi
وَعَافِنِيْ
Sareng mugi nyalametkeun Gusti ka abdi tina cocobi dunya sareng akherat
وَاعْفُ عَنِّيْ
Sareng mugi ngahapus Gusti kana dosa-dosa abdi

TAKBIROTUL INTIQOL (S)
اَللـّٰهُ أَكْبَرُ
Allah anu Maha Agung

TASBIH SUJUD KA DUA 3X (S)
سُبْحَانَ رَبِيَّ الْأَعْلىٰ وَبِحَمْدِهٖ
Maha Suci Pangeran abdi anu Maha Luhur bari Muji abdi ka AnjeunNa

TAKBIROTUL INTIQOL (S)
اَللـّٰهُ أَكْبَرُ
Allah anu Maha Agung

BACAAN TASYAHUD (R)
اَلتَّحِيَّاتُ الْـمُبَارَكَاتُ الصَّـلـَوَاتُ الطَّـيِّـبَاتُ للِـّٰهِ
Ari pirang-pirang panghormatan, pirang-pirang kaberkahan, pirang-pirang sholat sareng pirang kasaean eta kasanggakeunka Gusti Allah
اَلسَّـلاَمُ عَلَيْكَ أَيُّهـَاالنَّبِيُّ وَرَحْمَةُ اللـّٰهِ وَبَرَكَاتـُهٗ
Ari kasalametan mugi dilimpahkeun ka Anjeun (Muhammad) hai anu janten Nabi, oge rohmat Allah sareng kaberkahan Allah
اَلسَّـلاَمُ عَلَيْـنَا وَعَلىٰ عِبَادِ اللـّٰهِ الصَّالِحِيْنَ
Ari kasalametan mugi dilimpahkeun ka abdi sadaya sareng ka hamba-hamba Allah anu saroleh
           أَشْهَدُأَنْ لَّا إٖلٰـهَ إِلَّا اللـّٰهُ
Abdi nyaksian kana saenyana teu aya pangeran anu hak/bener disembah kecuali Gusti Allah
وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُوْلُ اللـّٰهِ
Sareng abdi nyaksian kana saenyana Nabi Muhammad eta utusan Gusti Allah

SHOLAWAT (R)
                      اَللـّٰهُمَّ صَلِّ عَلىٰ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ
Ya Allah mugi ngalimpahkeun rohmat Gusti ka Dunungan abdi sadaya nyatana Nabi Muhammad
Tasyahud awwal dugi kadieu, Tasyahud akhir teraskeun deui  (S)

                             وَعَلىٰ أٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ
Sareng ka pirang-pirang kulawargana Sayyidina Nabi Muhammad
كَـماَ صَـلَّـيْتَ عَلىٰ سَيِّدِنَا إِبْـرَاهِيـْمَ وَعَلىٰ أٰلِ سَيِّدِنَا إِبْـرَاهِيـْمَ
Sakumaha parantos masihan rohmat Gusti Ka Sayyidina Nabi Ibrohim sareng ka kulawargana Sayyidina Nabi Ibrohim
وَبَارِكْ عَلىٰ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىٰ أٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ
Sareng mugi ngaberkahkeun Gusti ka Sayyidina Nabi Muhammad sareng kulawargana Sayyidina Nabi Muhammad
كَمَـا بَارَكْتَ عَلىٰ سَيِّدِنَا إِبْـرَاهِيـْمَ وَعَلىٰ أٰلِ سَيِّدِنَا إِبْـرَاهِيـْمَ
Sakumaha parantos masihan kaberkahan Gusti Ka Sayyidina Nabi Ibrohim sareng ka kulawargana Sayyidina Nabi Ibrohim
فِى الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ
Di sadaya alam saenyana Gusti anu maha terpuji sareng maha agung

DO’A DINA TASYAHUD AKHIR (S)
أَللّهُمَّ إِنِّيْ أَعـُوْذُ بِكَ
Ya Allah saenyana abdi nyuhunkeun pangraksa ka Gusti
مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَمِنْ عَذَابِ النَّارِ
Tina siksa alam qubur sareng siksa naraka
وَمِنْ فِتْـنَةِ الْمَحْـيَا وَالْـمَمَاتِ
Sareng tina fitnahna hirup sareng fitnahna maot
وَمِنْ فِتْـنَةِ الْمَسِيْحِ الدَّجَّالِ
Sareng tina fitnahna almasih nyatana Dajjal anu banget bohong
أَللّهُمَّ إِنِّيْ أَعـُوْذُ بِكَ
Ya Allah saenyana abdi nyuhunkeun pangraksa ka Gusti
مِنَ الْمَأْثَمِ وَالْمَغْرَمِ
Tina sadaya dosa sareng hutang

BACAAN SALAM
                       أَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللـّٰهِ
Kasalametan mugi tetep ka aranjeung sareng rohmat Alllah
                       أَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللـّٰهِ
Kasalametan mugi tetep ka aranjeung sareng rohmat Alllah
أَسْأَلــُكَ فَوْزًا فِى الْـجَـنَّةِ
Abdi nyuhunkeun ka Gusti kana kabagjaan di surga
وَ أَسْأَلــُكَ سَلَامَةً مِنَ النَّارِ
Sareng Abdi nyuhunkeun ka Gusti kana salamet tina naraka

Niat Wudlu sareng Adus
NAMI   BACAAN
BACAAN
HARTOSNA
NIAT WUDLU
نَوَيْتُ الْوُضُوْءَ لِرَفْعِ الْحَدَثِ الْأَصْغَرِ فَرْضًا للِـّٰهِ تَعَالىٰ
Niat abdi wudlu pikeun ngaleungitkeun hadats alit fardlu karna Allah Ta’ala
NIAT ADUS
نَوَيْتُ الْغُسْلَ لِرَفْعِ الْحَدَثِ الْأَكْـبَرِ فَرْضًا للِـّٰهِ تَعَالىٰ
Niat abdi adus pikeun ngaleungitkeun hadats ageung fardlu karna Allah Ta’ala


Tidak ada komentar:

Posting Komentar