Kamis, 04 Mei 2017

SHOLAT TASBIH



SHOLAT SUNAT TASBIH
1.   Niatna:
أُصَـلِّيْ سُنّـَةَ التَّسْبِيْحِ أَرْبَعَ رَكَعَاتٍ مُسْـتَـقْبِلَ الْقِبْلـَةِ للِـّٰهِ تَعَالىٰ
Niat abdi sholat sunat tasbih opat roka’at bari mayun ka qiblat karna Allah Ta’ala.

2.     Suratna saba’da fatihah dina roka’at ka 1: At Takatsur, roka’at ka 2: Al ‘Ashri, roka’at ka 3 : Al Kafirun, roka’at ka 4 : Al Ikhlas.
3.     Ngaos tasbih ieu
سُبْحَانَ اللـّٰهِ وَالـْحَمْدُ لـِلـّٰهِ وَلَآإِلٰهَ إِلَّااللـّٰهُ وَاللـّٰهُ أَكْـبَرُ وَلَاحَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلاَّباِللهِ الْعَلـِيِّ الْعَظِيْمِ
a.     Dina saba’da surat: ngaos tasbih 15 kali
b.     Dina saba’da tasbih ruku: ngaos tasbih 10 kali
c.     Dina saba’da du’a tasmi’/i’tidal: ngaos tasbih 10 kali
d.     Dina saba’da tasbih sujud kahiji: ngaos tasbih 10 kali
e.     Dina saba’da du’a calik antara sujud dua: ngaos tasbih 10 kali
f.      Dina saba’da tasbih sujud kadua: ngaos tasbih 10 kali
g.     Dina calik istirahat saba’da sujud kadua memeh ngadeg/tasyahud: 10 kali

4.     Ngadu’a saba’da tasyahud akhir, sholawat sateuacan salam
اَللـّٰهُمَّ إِنِّيْ أَسْـأَلُـكَ تَـوْفِيْقَ أَهْلِ الْهُدٰى وَأَعْمَالَ أَهْلِ الْـيَقِيْنِ وَمُنَاصَحَةَ أَهْلِ التَّوْبَةِ وَعَزْمَ أَهْلِ الصَّبْرِ وَجِدَّ أَهْلِ الـْخَشْيَةَ وَطَلَبَ أَهْلِ الرَّغْبَةِ وَتَعَبُّدَ أَهْلِ الْوَرَعِ وَعِرْفَانَ أَهْلِ الْعِلْمِ حَتّٰى أَخَافَكَ اَللـّٰهُمَّ إِنِّيْ أَسْـأَلُـكَ مَـخَافَةً تُـحْجِزُنِيْ عَنْ مَعَاصِيْكَ حَتّٰى أَعْمَلَ بِطَاعَتِكَ عَمَلاً أَسْتَحِقُّ بِهٖ رِضَاكَ وَحَتّٰى أُنَاصِحَكَ بِالتَّوْبَة خَوْفًا مِنْكَ وَحَتّٰى أُخْلِصَ لَكَ النَّصِيْحَةَ حَيَاءً مِنْكَ وَحَتّٰى أَتـَوَكَّلَ عَلَيْكَ فىِ الْأُمـُوْرِ حُسْنَ الظَّنِّ بِكَ سُبْحَانَ خاَلِقِ النُّوْرِ
Ya Allah abdi nyuhunkeun ka Gusti taufiqna ahli hidayah, amalna ahli yaqin, kanasehatan ahli taubat, pengkuhna ahli sabar, eunya-eunya ahli sieun (ku Allah), panyuprihna ahli cinta, ibadahna ahli waro’ (apik), ma’rifatna ahli elmu. Ya Allah abdi nyuhunkeun ka Gusti rasa kasieun anu ngahalangan ka abdi tina ma’siat ka Gusti, sahingga abdi midamel tho’at ka Gusti, kana amal anu ngahak kana rido Gusti, sahingga abdi kanasehatan ku tobat karena sieun ku Gusti, sahingga abdi ikhlas nampi nasehat karena isin ku Gusti, sahingga abdi tawakal/ tetegenan ka Gusti dina sadaya urusan karena sae sangka ka Gusti. Maha suci Dzat anu ngadamael cahaya